Tuesday, April 30, 2013

KOMUNITAS LEMBUR KURING


LEMBUR KURING






A. Propil
Propil  Komunitas  LEMBUR KURING   nyumber tina  sikep anu ngangkat ajén masyarakat Sunda Jawa Barat  miwah ngagem kode étik Budaya  Bangsa Indonesia,  dina ngudag kamajuan jeung pikiran anu parigel jeung cékas  pikeun nangtukeun léngkah geusan ngawujudkeun  tali  silaturahmi  urang sunda  Provinsi Jawa Barat anu Gemah Ripah Répéh Rapih.

B. SIPAT.

Komunitas   LEMBUR KURING  téh sipatna mandiri , indepéndent  jeung  netral.
Diadegkeunana LEMBUR KURING  dimimitian tina gunem catur panjang diantara Baraya  Sunda Jawa Barat anu ngabogaan sikep babarayaan , disiplin élmu jeung propesi anu mibanda pamikiran anu rancagé, parigel, percéka, tanginas tur binangkit geusan ilubiung ngaronjatkeun jeung ngamumulé ajén  Seni, Budaya, Bahasa  Sunda  jeung kultur  falsafah  Sunda.

1 comment: